Rabu, 29 April 2009

Cikapundung Ngalih ka Kampung

Assalamu'alaikum...

Duka aya inspirasi timana abdi janten hoyong posting ku basa Sunda. Tapi abdi janten mikir, saha deui anu 'mencintai' basa Sunda salain urang salaku urang Sunda. Ku kituna, abdi ngajak ka sarerea dulur2 urang Sunda, hayu urang lestarikeun bahasa ibu urang. Bahasa anu janten ciri urang Sunda jeung kabudayaanna. Tapi saacanna, punten, basa Sundana campur2 jeung basa sejen. Maklum, biasana abdi mraktekeun ieu bahasa dina kahirupan sapopoe, alias bahasa verbal....(meni gaya istilahna..)

Leres, kadang2 abdi mah sok prihatin ningali barudak Sunda, khususna Bandung anu tos ngahihilapkeun bahasa Sunda. Sigana mah aranjeunna tos kapangaruhan ku kabudayaan ti luar Sunda. Contoh simpelna nya penggunaan bahasa eta. Sok kesel da lamun aya urang bandung anu nyariosna nganggo embel2 sapertos 'lu', 'gue', 'bokap', 'nyokap', jeung sajabana. Hah! Punten, asa kumahaaaa kitu. Lur, ieu teh Bandung! Tong kapangaruhan ku urang jakarta atuh, siga nu sok ka Jakarta wae. Kuduna ge urang jakarta anu 'munah-maneh', sabab aranjeunna nu sok ka Bandung (pengumuman : unggal weekend, Setiabudi, Dago, Lembang, Riau, Merdeka, jeung daerah sabudeureunana pinuh ku mobil plat B!). Haha..punten, abdi nyarios kieu teh da urang jakarta (khususna the Jek) sok kurang ajar ka Viking Bandung. Harga diri atuh, lur!

Tah, atosan ah prologna. Ayeuna abdi hoyong ka pokok permasalahan. Maksudna naon dan, Cikapundung Ngalih ka Kampung? Kieu asal muasalna....

Hiji waktos, abdi uih sakola rada sore. Biasana rute nu dianggo ku abdi ti sakola ka bumi teh nyaeta : Belitung, Merdeka, Wastu, Cipaganti, Setiabudi, Gerlong, Ciwaruga. Tapi, dugi di jalan Cipaganti, abdi kahujanan. Wah, pokona mah edun pisan lah hujanna. Dordar gelap kitu! Untung di Setiabudi aya pom bensin, jadi abdi tiasa ngiuhan. Saparantos hujanna rada raat, abdi ngalanjutkeun perjalanan. Kaluar ti pom, abdi reuwas pisan ninggali jalan nu tos siga walungan caah. Jalan Setiabudi emang rada mudun. Ti luhur teh cai ngucur we eta mah. Kapaksa da hoyong geura2 dugi ka bumi, abdi nekat we tancap gas. Motor teh tos hese dikendalikeun. Kabawa ku cai anu sakitu tarikna.

Nurutkeun insting abdi yen Setiabudi belah luhur pasti leuwih caah, abdi mengkol ka jalan Karang Setra, rencana na bade nyandak jalan Sukahaji. Teu benten jeung jalan Setiabudi, Sukahaji tos siga walungan, leuwih parah deuih. Sababaraha kali abdi liren da sieun kacandak palid ku cai. Sugan teh ngan di daerah eta wungkul nu caah teh, ari pek teh daerah abdi (Ciwaruga) oge caah. Ngan untung tos saat. Tapi tilas2 na aya keneh di jalan, mangrupakeun runtah2 plastik, batu2 ageung, jsb. Hufff, aya naon, Bandung?

Kadua kalina, kamari2 abdi pependak deui sareng Cikapundung di Kampung. Ayeuna mah di Ciwaruga. Meni prihatin abdi mah. Daerah abdi teh kalebetna tos di luhur, tos caket ka Lembang, tapi naha unggal hujan badag sok banjir wae? Ada apa denganmu???

Tapi, lamun dulur2 jalan jalan ka Bandung Utara, milarian ladang2 atanapi sawah, atanapi kebon, wah tos jarang! Ayeuna mah seueur na oge ladang artos, ladang perumahan! Kebon2 teh tos diganti, dilindes, diurug (ngaco bahasana!), digentos ku perumahan2 jeung villa2 elit. Matak meureun cai teh moal aya resapanna, da dihalangan ku aspal, beton, tembok, jsb. Jadi, maklum weh bandung jadi Cikapundung. Caina emang kiruh, tapi tarik. Matak panas kana hate. Kamari2 nami Bandung tos tercemar ku masalah runtah anu telat penanggulangana. Ayeuna, cing bareunta, para pejabat! Rek caricing wae ninggali Bandung sapertos kieu? Peupeuriheun mah daerah Bale endah, jeung Banjaran nu sok banjir teh, maenya lembang kedah banjir oge? Ieu teh kota urang sarerea. Kapungkur mah meureun pernah aya kata mutiara, "Bandung? Tuhan menciptakannya sambil tersenyum." Ayeuna?

Huff, kalahkah ambek abdi teh. Kumaha deui atuh, abdi teh da cinta pisan, nyaah pisan ka bandung. Matak dulur2 sarerea, mimiti ayeuna, hayu urang jaga Bandung. Mimitian ku hal nu alit weh, sapertos miceun runtah tong dimana wae. Leres teu??

Bahan renungkeuneun, lur...
Wassalamu'alaikum...

Nb: Yor, jagan jadi dokter, jadi walikota ajah...

3 komentar:

Anonim mengatakan...

back to nature? hha.

Makudin mengatakan...

wah si kang yoan, basa sundana meuni alus.. (mun dibandingkeun jeung abdi nu transmigran 100%. haha)

satuju pisan, kang!
abdi ge nu teu aya darah sundana saeutik-eutik acan (bner ga si? :p) cintaaa pisan ka Bandung!

Bandung is the Best, lah!
hayu urang jaga, mun tiasa mah urang perbaiki Bandung! yee!!

Fistula Ani, Penyakit Elite tapi Memalukan mengatakan...

hai kang yoan knlkan abdi lilis, nembe bade ngiringan

kang yoan abdi meni satuju pisan pami basa sunda dikembangkeun ku urang sadaya.

tapi kang kumaha atuh barudak abg ayeuna ngomong sundana sok karakasar jarang nganunakeun basa anu lemes !!!